Stasion Gambir

Stasion Gambir

  • Singgetan: GMR
  • Nomor: 0430
Stasion Gambir ditempo ti hareup
LokasiJalan Médan Merdéka Wétan No. 1
Gambir, Gambir, Jakarta Pusat, DKI Jakarta, 10110
Indonésia
KoordinatCitakan:Country abbreviation 6°10′36″S 106°49′50″E / 6.176716°S 106.830508°E / -6.176716; 106.830508Koordinat: Citakan:Country abbreviation 6°10′36″S 106°49′50″E / 6.176716°S 106.830508°E / -6.176716; 106.830508
Luhur+16 m
OperatorDaérah Operasi I Jakarta
Letak ti pangkalkm 5+540 lintas Jakarta Kota-Manggarai-Bogor[1]
Jumlah péronDua péron pulo antara jalur 1 jeung 2 sarta antara jalur 3 jeung 4 anu sarua jangkungna
Jumlah jalur4 (jalur 2 jeung 3: sepur lempeng)
Informasi lain
KlasifikasiBadag tipeu A[2]
Sejarah
Dibuka1884 (1884)
Diwangun deui1992
Ngaran saméméhnaStation Koningsplein/Weltevreden
Layanan
Argo Wilis, Argo Bromo Anggrék, Argo Lawu (régulér & fakultatif), Argo Dwipangga (régulér & fakultatif), Argo Sindoro (régulér & fakultatif), Argo Muria (régulér & fakultatif), Argo Cheribon, Argo Parahyangan (régulér & fakultatif), Gajayana (régulér & fakultatif), Bima, Turangga, Sembrani (régulér, fakultatif, & tambahan), Taksaka (régulér & fakultatif), Bangunkarta, Purwojaya (régulér & fakultatif), Mutiara Selatan, sarta Pangandaran
Fasilitas jeung téknis
Tipeu pasinyalanÉléktrik tipeu Siemens Solid State Interlocking[3]
Pamesenan tikétSistem tikét online; ngalayanan pamesenan langsung sarta parobahan/ngabolaykeun kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa chéck-in mandiri pikeun nyitak boarding pass.
Lokasi dina peta

Stasion Gambir (GMR) (Aksara Sunda Baku: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮌᮙ᮪ᮘᮤᮁ) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna di Gambir, Gambir, Jakarta Pusat, pasna di wétaneun Monumén Nasional (Monas) sarta kahubung jeung aksés jalan ka Monas. Stasion ieu dirénovasi pas dasawarsa 1930-an kalawan ngaran Stasion Koningsplein sarta dirénovasi gedé-gedéan jadi stasion jalur layang di taun 1990-an. Stasion anuaya dina tingkat kaluhuran +16 méter ieu kaasup ka Daérah Operasi I Jakarta. Stasion ieu boga opat jalur karéta api kalawan jalur 2 jeung jalur 3 anu jadi sepur lurusna.

Stasion ieu ngalayanan karéta api kelas éksekutip sarta sawaréh kelas campuran (KA Argo Parahyangan, KA Argo Cheribon, KA Mutiara Selatan, KA Purwojaya Fakultatif, sarta KA Pangandaran) jurusan kota-kota penting jeung utama di Pulo Jawa. KRL Commuter Line henteu eureun ngalayanan panumpang di ieu stasion ti saprak patengahan taun 2012[4]; sedangkeun pikeun karéta api kelas ékonomi, kelas bisnis, sawaréhna deui kelas campuran, sarta sawaréh lalampahan KRL dilayanan di Stasion Pasar Senén. Di Stasion Gambir sayaga layanan beus DAMRI anu salah sahiji ruteuna ka Bandara Soekarno-Hatta.

  1. Subdit Jalan Rel dan Jembatan (2004). Buku Jarak Antarstasiun dan Perhentian. Bandung: PT Kereta Api (Persero). 
  2. Buku Informasi Direktorat Jenderal Perkeretaapian 2014 (PDF). Jakarta: Direktorat Jenderal Perkeretaapian, Kementerian Perhubungan Indonesia. 
  3. Sugiana, A.; Lee, Key-Seo; Lee, Kang-Soo; Hwang, Kyeong-Hwan; Kwak, Won-Kyu (2015). "Study on Interlocking System in Indonesia". Nyeondo Hangugcheoldohaghoe Chungyehagsuldaehoe Nonmunjib (Korean Society for Railway) (46). 
  4. "KRL tak Berhenti di Gambir dan Pasar Senén | Republika Online". Republika Online. http://republika.co.id/berita/ramadhan/info-mudik/12/08/15/m8ss10-krl-tak-berhenti-di-gambir-dan-pasar-Senén. Diakses pada 2018-05-24 

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search